Minggu, 27 Maret 2016

B.SUNDA

PAKEMAN BASA.

 

Pakeman Basa disebut ogé Idiom, asalna tina bahasa Yunani Idios,  anu ngandung harti “ has, mandiri, husus, pribadi”. Dina basa sunda Pakeman basa nyaéta wangun basa anu husus tur mandiri sarta ngandung harti anu dikandungna teu bisa dihartikeun sajalantrahna nururtkeun harti tata basa. Atawa pekeman basa, nyaéta pok-pokan maneuh anu ngandung harti siloka, henteu sacéréwéléna. Éta omongan dilarapkeun ka jelema, ngan kecap-kecapna henteu dicokot tina ngaran babagian awak atawa paripolah/pasipatan jelema baé, tapi aya tina ngaran barang salian ti jelema, saperti ngaran sasatoan atawa tatangkalan anu diwangun omongan geusan ngedalkeun kereteg haté atawa pikiran ka nu lian. Harti anu kapanggih dina pakeman basa atawa idiom disebut harti idiomatik.
Anu kaasup kana pakeman basa dina basa sunda nyaéta :
1.      Paribasa
2.      Babasan
3.      Cacandraan
4.      Uga
5.      Rakitan lantip
6.      Caturangga
7.      Candrasangkala
8.      Repok
Dina pangajaran ayeuna urang bakal pedar ngeunaan paribasa, babasan, cacandraan, kila – kila, jeung  kapamalian.
1.    Paribasa
Nyaéta babandingan anu jadi perlambang lakuning hirup, ngawangun omongan (runtuyan kalimah) anu geus puguh eunteup seureuhna (sistematika), geus puguh surupanana, geus tangtu pok-pokanna.
Ciri – ciri paribasa:
a.       Paribasa sifatna ngabandingkeun, ngupamakeun, jeung mapandékeun.
b.      Paribasa téh omongan anu hartina lain harti sajalantrahna.
c.       Paribasa mangrupa kalimah anu teleb sarta anteb kana haté nu diajak nyarita.
d.      Paribasa henteu bisa dirobah, dikurangan, dileuwihan, sarta dilemeskeun kekecapanana, sabab geus mangrupa wangun basa anu geus matok (pakeman).
Ditilik tina maksud anu dikandungna, paribasa téh bisa dipasing – pasing jadi tilu golongan nyaéta :
a.         Paribasa wawaran luang
Eusina ngébréhkeun pangalaman anu geus lumrah di masyarakat, sarta mangrupa bahan babandingan pikeun laku lampah urang.
Contohna :
1)      Uyah mah tara téés kaluhur, hartina tabiat/sifat nu jadi anak tara jauh béda jeung tabiat/sifat kolotna.
2)      Uncal tara ridueun ku tanduk,  hartina boga élmu pangaweruh mah moal hésé mamawa.
3)      Wiwirang dikolongcatang nya gedv nya panjang,  hartina ngalaman hiji kajadian anu matak pikaéraeun.
4)      Buruk – buruk papan jati, hartina sagoréng – goréngna dulur sorangan, moal téga nganteupkeun mun aya karerepet atawa menang papait.
5)      Hadé ku omong goréng ku omong,  hartina dina nyanghareupan masalah, rék hadé rék goréng, kudu dibadamikeun.
6)      Umur gagadihan, banda sasampiran hartina: umur jeung harta banda hakékatna milik Allah Swt.
7)      Ungguh baléwatangan hartina: di bawa ka pangadilan
8)      Buburuh nyatu diupah béas, hartina: meunang dua kauntungan sakaligus, saperti nu sakola meunang béa siswa.
9)      Anu burung diangklungan, anu gélo didogdogan, anu édan dikendangan  hartina: anu gedebul dihaminan, ngarah tambah maceuh.
10)  Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed (najan umur geus kolot, kahayang kawas nu ngora)
11)  Bihari ngalingling pasir, ayeuna ngalanglang pasar (jaman geus robah, jalma ogé loba nu ganti pacabakan, atawa robah-robah tingkah lakuna)
12)  Cécéndét mandé kiara, cileuncang (cileungcang) mandé sagara (nu miskin hayang nyaruaan nu beunghar.
b.        Paribasa panyaram lampah salah
Eusina panyaram sangkan ulah migawé pagawvan anu matak rugi, boh keur diri sorangan boh keur batur.
Contohna :
1)      Ulah unggut kalinduan, ulah gedag kaanginan, hartina: ulah sieun, kudu gedé kawani
2)      Ulah koméok saméméh dipacok, hartina: ulah waka ngomong teu sanggup/teu bisa saméméh dicoba.
3)      Ulah incah balilahan, hartina: ulah rék ninggalkeun tapi kudu tetep satia
4)      Ulah nyeungceurikan upih ragrag, hartina: ulah popoyok ka jalma nu geus kolot sabab urang gé bakal ngalaman.
5)      Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung,  hartina: ulah babari bosenan, tapi kudu satia salilana.
6)      Cul dog tinggal igel,  hartina: ninggalkeun gawé baku, terus milampah pagawéan nu taya hartina.
7)      Mareubutkeun balung tanpa eusi,  hartina: marebutkeun perkara anu papada can jelas.
8)      Pagiri – giri calik pagirang – girang tampian, hartina: teu sauyunan, papada hayang menang sorangan, papada hayang leuwih., jsb.
c.         Paribasa pangjurung laku hadé
Eusina pikeun pangjururng milampah pagawéan anu hadé.
1)        Carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket (taki-taki ngajaga kaamanan, mageuhan tulak jeung sajabana, bisi aya bancang pakéwuh)
2)        Kudu bisa ngeureut neundeun/pakéan, hartina: kudu bisa nagjeujeuhkeun rejeki, kudu sina mahi.
3)        Kudu boga pikir rangkeupan, hartina: ulah sabrongbrong, kudu aya rasa curiga.
4)        Kudu hadé gogod hadé tagog, hartina: hadé basa jeung hadé tingkah lakuna.
5)        Kudu nepi méméh indit, hartina : kudu direncanakan kalawan asak.
6)        Kudu bisa kabula kabalé,  hartina: kudu bisa mawa awak.
7)        Bibilintik ti leuleutik babanda ti bubudak, geus gedé ngan kari maké,  hartina: kudu gemi jeung daék babanda ti leuleutik ngarah dimana geus kolot teu loba kakurang.
8)        Élmu tungtut dunya siar,sukan – sukan sakadarna,  hartina: téangan élmu jeung harta banda keur pibeukeuleun,  sarta kudu hirup basajan. Jst...

TEMBANG SUNDA.

Mamaos terbentuk pada masa pemerintahan bupati Cianjur RAA. Kusumaningrat (18341864). Bupati Kusumaningrat dalam membuat lagu sering bertempat di sebuah bangunan bernama Pancaniti. Oleh karena itulah dia terkenal dengan nama Kangjeng Pancaniti. Pada mulanya mamaos dinyanyikan oleh kaum pria. Baru pada perempat pertama abad ke-20 mamaos bisa dipelajari oleh kaum wanita. Hal ituTerbukti dengan munculnya para juru mamaos wanita, seperti Rd. Siti Sarah, Rd. Anah Ruhanah, Ibu Imong, Ibu O’oh, Ibu Resna, dan Nyi Mas Saodah.
Bahan mamaos berasal dari berbagai seni suara Sunda, seperti pantun, beluk (mamaca), degung, serta tembang macapat Jawa, yaitu pupuh. Lagu-lagu mamaos yang diambil dari vokal seni pantun dinamakan lagu pantun atau papantunan, atau disebut pula lagu Pajajaran, diambil dari nama keraton Sunda pada masa lampau. Sedangkan lagu-lagu yang berasal dari bahan pupuh disebut tembang. Keduanya menunjukan kepada peraturan rumpaka (teks). Sedangkan teknik vokal keduanya menggunakan bahan-bahan olahan vokal Sunda. Namun pada akhirnya kedua teknik pembuatan rumpaka ini ada yang digabungkan. Lagu-lagu papantunan pun banyak yang dibuat dengan aturan pupuh.
Pada masa awal penciptaannya, Cianjuran merupakan revitalisasi dari seni Pantun. Kacapi dan teknik memainkannya masih jelas dari seni Pantun. Begitu pula lagu-lagunya hampir semuanya dari sajian seni Pantun. Rumpaka lagunya pun mengambil dari cerita Pantun Mundinglaya Dikusumah.
Pada masa pemerintahan bupati RAA. Prawiradiredja II (18641910) kesenian mamaos mulai menyebar ke daerah lain. Rd. Etje Madjid Natawiredja (18531928) adalah di antara tokoh mamaos yang berperan dalam penyebaran ini. Dia sering diundang untuk mengajarkan mamaos ke kabupaten-kabupaten di Priangan, di antaranya oleh bupati Bandung RAA. Martanagara (1893—1918) dan RAA. Wiranatakoesoemah (19201931 & 19351942). Ketika mamaos menyebar ke daerah lain dan lagu-lagu yang menggunakan pola pupuh telah banyak, maka masyarakat di luar Cianjur (dan beberapa perkumpulan di Cianjur) menyebut mamaos dengan nama tembang Sunda atau Cianjuran, karena kesenian ini khas dan berasal dari Cianjur. Demikian pula ketika radio NIROM Bandung tahun 1930-an menyiarkan kesenian ini menyebutnya dengan tembang Cianjuran.

Pertunjukan

Sebenarnya yayaya istilah mamaos hanya menunjukkan pada lagu-lagu yang berpolakan pupuh (tembang), karena istilah mamaos merupakan penghalusan dari kata mamaca, yaitu seni membaca buku cerita wawacan dengan cara dinyanyikan. Buku wawacan yang menggunakan aturan pupuh ini ada yang dilagukan dengan teknik nyanyian rancag dan teknik beluk. Lagu-lagu mamaos berlaras pelog (degung), sorog (nyorog; madenda), salendro, serta mandalungan. Berdasarkan bahan asal dan sifat lagunya mamaos dikelompokkan dalam beberapa wanda, yaitu: papantunan, jejemplangan, dedegungan, dan rarancagan. Sekarang ditambahkan pula jenis kakawen dan panambih sebagai wanda tersendiri. Lagu-lagu mamaos dari jenis tembang banyak menggunakan pola pupuh Kinanti, Sinom, Asmarandana, dan Dangdanggula, serta ada di antaranya lagu dari pupuh lainnya.
Lagu-lagu dalam wanda papantunan di antaranya Papatat, Rajamantri, Mupu Kembang, Randegan, Randegan Kendor, Kaleon, Manyeuseup, Balagenyat, Putri Layar, Pangapungan, Rajah, Gelang Gading, Candrawulan, dsb. Sementara dalam wanda jejemplangan di antaranya terdiri dari Jemplang Panganten, Jemplang, Cidadap, Jemplang Leumpang, Jemplang Titi, Jemplang Pamirig, dsb. Wanda dedegungan di antaranya Sinom Degung, Asmarandana Degung, Durma Degung, Dangdanggula Degung, Rumangsang Degung, Panangis Degung dan sebagainya. Wanda rarancagan di antaranya; Manangis, Bayubud, Sinom Polos, Kentar Cisaat, Kentar Ajun, Sinom Liwung, Asmarandana Rancag, Setra, Satria, Kulu-kulu Barat, Udan Mas, Udan Iris, Dangdanggula Pancaniti, Garutan, Porbalinggo, Erang Barong dan sebagainya. Wanda kakawen di antaranya: Sebrakan Sapuratina, Sebrakan Pelog, Toya Mijil, Kayu Agung, dan sebagainya. Wanda panambih di antaranya: Budak Ceurik, Toropongan, Kulu-kulu Gandrung Gunung, Renggong Gede, Panyileukan, Selabintana, Soropongan, dsb.
Pada mulanya mamaos berfungsi sebagai musik hiburan alat silaturahmi di antara kaum menak. Tetapi mamaos sekarang, di samping masih seperti fungsi semula, juga telah menjadi seni hiburan yang bersifat profit oleh para senimannya seperti kesenian. Mamaos sekarang sering dipakai dalam hiburan hajatan perkawinan, khitanan, dan berbagai keperluan hiburan atau acara adat.
 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar